Total Tayangan Halaman

TULISAN AKHIR TAUN 2012



Wah, taun 2013 sakeudeung deui yeuh!



Tiap akhir taun, biasana dijalan-jalan pasti rame. Aya anu niup torompet, aya nu nongkrong jeung babaturan atawa kumpulan nana, aya nu bobogohan, aya nu ulin jeung kulawargana, jeung sajabana, jeung sajabana. Tapi  nu seragam mah pasti pada ngabogaan kalender anyar, naha rek pamere ti salah sahiji calon gubernur anu ayeuna keur rame pada neangan dukungan atawa ngahaja meuli ka tukang dagang anu memang nyadiakeun kalender anyar. Hehehe…
Padahal mah taun baru teh lain ngan saukur kagiatan kitu hungkul, lain ngan saukur ngaganti kalender atawa ubrang-abring dijalan, di supermol, jeung kagiatan hura-hura nu laina, da ceuk pamikir Kang Haji mah ieu teh salah hiji kasempetan keur urang instropeksi diri tina sagala rupa hal nu geus dipigawe sataun katukang sangkan engke kaharepna bisa leuwih hade dina ngalakonan kahirupan, ceuk bahasa gaulna mah waktuna merenung.


Aeh, tapi nahanya, merenung atawa instropeksi diri teh make kudu ngadagoan akhir taun sagala? Pan Kanjeng Nabi Muhammad SAW oge kantos ngadawuh tur nganjurkeun ka umatna dina salah sahiji hadis nu pami teu lepat mah kieu hadisna teh; “Yen saha-sahajalma anu ngalakonan poe ieu leuwih hade tibatan kamari, eta teh kaasup hijijalma atawa golongan anu untung. Terus mun poe ieu sarua jeung poe kamari, tahnu ngalakonan nateh kaasup jalma atawa golongan anu rugi. Sedengkeun anungalakonan poe ieu leuwih goreng tibatan kamari, kaasup jalma atawa golongananu cilaka”.

 Tuh, sabenerna mah gening instropeksi teh lain dina itungan taun, tapi itungan poe. Da kabayang atuh boros na urang meakkeun waktu lamun seug rek instropeksi teh kudu nungguan heula akhir taun. Asa ku teu kudu nyak! Hehehe…
Sok bayangkeun, lamun seug euweuh nu ngarana kagiatan taun baru, naha urang masih sempet keur instropeksi diri? Leuheung kitu oge mun urang dipaparin umur nepika manggih deui taun anyar, coba lamun henteu. Kabayang mereun nya! Tah tidinya matakna Nabi nganjurkeun tiap poe instropeksi teh.


Taun anyar Masehi nu rek kalakonan engke teh sabenerna mah ngan saukur salah sahiji kagiatan tina rupa-rupa hal kagiatan sejen nu leuwih loba deui. Tapi tina lobana kagiatan eta teh, ku Kang Haji rek dibagi kana dua kagiatan, nyaeta kagiatan PERSONAL jeung kagiatan GLOBAL (PUBLIK) atawa bisa oge disebut kagiatan umum. Mereun kitu oge, da ieu mah ceuk pamikir Kang Haji nu teu pernah sakola. Hehehe,,,


Kagiatan personal teh nyaeta kagiatan anu kaalaman ku hiji jalma eta hungkul, tapi bisa oge sarua kaalaman ku batur tapi cara jeung katangtuan namah can puguh sarua. Urang contokeunlah ngarah gampang. Misalna, Kang Haji ngarasa bungah sawaktu Kang Haji nginum es kalapa pamere ti tatangga, tah batur oge bisa sarua ngarasa bungah, ngan kajadian nana bisa jadi beda, boa batur mah bungah nginum es kalapa teh pedah keur panas poe dijalan najan meunang meuli oge, atawa baturmah bungah teh pedah nginum sprit murag tina mobil nu ngangkutna, atawa sajabana deui. Tah mun dikaitkeun kana agama mah, nu kieu teh disebut salah sahiji pangalaman spiritual anu ka alaman ku hiji jalma, mun bahasa gaulna mah “herofani” cenah. Mun teu salah kitu oge.


Tapi, aya mangsana oge ieu kagiatan personal teh jadi salah sahiji kagiatan global, samisal sababaraha pangalaman spiritual Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu kadieuna jadi kagiatan sadaya umatna nepika akhir jaman. Diantarana muludan atawa maulid nabi, isra miraj jeung sajabana.


Tah, ayeuna urang bahas kagiatan nu kadua, nyaeta kagiatan global. Kagiatan global teh nyaeta salah sahiji kagiatan anu nguruskeun jalma loba anu ruanglingkupna oge luas bisa nasional atawa interlokal, aeh,,,internasional maksudna teh. Dina kagiatan ieu satiap jalma ngalakukeun hal anu sarua. Samisal pas kagiatan taun baru, piala dunia, ulang taun jeung sajabana. Tah, ieu oge aya kaitan nana jeung agama. Keun we urang bahas taun baru masehi, sabab ieu kagiatan global nu sakeudeung deui bakal ka alaman ku urang kabeh, nu sabeberna taun anyar masehi teh ngakar tina sajarahna tradisi umat kristen.


Tah kusabab hal eta, asa ku mangwatirkeun pisan Kang Haji mah ningali bangsa urang anu kasebut mayoritas atawa lolobana umat islam teh leuwih resep ngarayakeun taun anyar deungeun (Masehi) tibatan taun anyar sorangan (Hijriah), nu leuwih parah mah aya nu nepika teu apal pisan. Coba nepika kituna. Tah, dina hal ieu mah urang sakuduna bisa ningali tur nyonto ka urang cina anu tetep teguh ngarayakeun imlek dimana wae ayana.


Lamun seug kagiatan ieu terus bari sering dijadikeun festifal muhasabah, geus waktuna urang instropeksi diri deui kana hadis nabi anu pokna; “Saha-saha jalma anu kalakuan nana nurutan, atawa nyarua-nyaruakeunjeung hiji kaum, maka tangtu eta jalma teh ka asup kana golongan eta kaum”.


Sakali deui, taun anyar mah ngan saukur salah sahiji kagiatan ganti tanggal tina 31 kana 1. Teu kudu nungguan sataun lamun urang rek instropeksi diri. Pek we gawean iraha bae sangkan urang bisa leuwih hade tiap waktu. Tah, sakitu we curat coret keur poe ayeuna mah, mugia aya bahan katampi sinareng aya manfaat kanggo diri pribadi oge nu macana. Tapi bilih aya nu teu kahartos mah, hayu urang diskusikeun didieu, atanapi dina pesbuk ngeunaan tulisan ieu. Da Kang Haji mah moal nolak kana kritik najan pait oge, salami eta kritik ngawangun kana kasaean sewang-sewangan. Hehehe,,,hampura ah, bisi ngacapruk.


Deeeerrrr,,,,ah !!!
Wassalam…..

7 komentar:

Terima kasih atas kunjungannya serta atas semua apresiasi yang telah diberikan.
Semoga kebaikan selalu menyertai kita semua.
Aamiin.