Total Tayangan Halaman

"DONGENG PESBUK; JELMA jeung JALMA"

Hiji JELMA anu sok lumampah di dunia awang-awang atawa dunia Maya anu teu nyata nu cicing dilembur pesbuk bisa ngabogaan sababaraha ngaran Akun jeung rupa (Photo Profil), tiap hiji akun ni dipiboga bisa ngabogaan sababaraha Rupa. Samisal hiji JELMA boga dua akun, nu hiji Make ngaran " PANCI " jeung Sapuluh rupa Panci. Nu hiji deui make ngaran " TUTUP LIMUN " jeung make saratus Rupa bubututan nu kapanggih dijalan, nu tiap poe gunta-ganti rupa.

Tapi aya oge anu ngan saukur boga hiji Akun bari panceg dina hiji Rupa; najan lain rupa aslina, da sapamikir Kang Haji mah lolobana teu make rupa jeung ngaran aslina. Ngan nu kieu teh bisa oge disebutkeun teu bisa-eun nyieun akun deui,,da nu aya oge dipangnyieunkeun. (",) Hehehe,,,

Aya deui anu masih keneh neneangan Rupa; nu make gambar atawa ngan saukur gambar bawaan pesbuk. Malahmah aya deui nu ngahambur-hambur Rupa nepika poho numana Rupa nu aslina. Saking ku loba teuing akun jeung rupana meureun. (",) Hehehe,,,

Teraskeun deui nya,,,
Aya deui nu nepika ngaku-ngaku ngaran "Prabu titik-titik" bari jeung majangkeun rupa "Raja koma-koma" ,,aya oge nu make ngaran " Artis kamar mandi " bari majangkeun rupa "Sendal Capit pegat",,,aya deui nu ngaku jadi Pajabat Nagara Isin bari majangkeun Rupa Sampah jeung Sagala,,,".
(",) Hehehe,,,punten ulah aya nu bendu nya da teu aya niat nyindir sasaha,,,

Timbul weh pertanyaan;
"Kunaon make ngaran batur atawa ngaku-ngaku rupa batur ??? Naha era mun ngaku atawa make ngaran sorangan ?? Naha era nembongkeun rupa sorangan ??"
(Cigana ngan Kang Haji hungkul nu teu era tur wani ngaku bari jeung jujur ...yen ngaran asli Kang Haji mah Nicholas Saputra nu kasep tur cahayaan,,,ieu nandakeun sukur Kang Haji kakolot nu mere ngaran kadituna kanu kawasa,,, ). (",) Hehehe,,,,bisa we ari keur sorangan mah,,,padahal mah saruana ngaku-ngaku.

Urang teraskeun deui,,,
Sihoreng geningan nu kumalayang mah JELMA lain JALMA, da gening JELMA mah jajadian jadi pantes lamun seug loba ngaran jeung loba rupa. Beda jeung JALMA.
Ngan nu dipika paur teh ieu JELMA-an nu kumalayang ngarasuk tur ngahiji kana diri JALMA sahingga JALMA poho kana diri pribadina atawa ngarubah diri pribadina nu asalna JALMA jadi JELMA, kusabab lakon dina dunia maya ieu geus ngahiji tur teu bisa misahkeun diri tina akal pikiran nu nyata sahingga kabawa saban polah dina kahirupan pribadina.

Singket we ah,,moal panjang teuing,,,
Tah, Saparantos Tulisan ieu kumalayang didunia anu Maya ieu,,sa-jam kahareup Kang Haji rek ngalongokan kabeh Akun Baraya. Naha geus wani atawa acan nembongkeun ngaran jeung rupa aslina ??? Lamun seug acan keneh,,,berarti aya dua kamungkinan,,; Kahiji; Memang geus poho kana dirina sabab geus ngajadi hiji jeung teu bisa misahkeun diri tina lakon nu dipililampah dina dunia maya ieu. Nu kadua; Era sieun kanyahoan goreng jeung alusna ngaran atawa rupana. Cingcirining ieu Jalma can syukuran ka nu kawasa jeung teu sieuneun doraka ka kolot nu mere ngaran. (",) Hehehe,,,piss ah,,

=====================================================================
Tulisan ieu didamel anu asalna tina status pesbuk Kang Haji Kaping 7 April 2011 anu dikomen ku baraya, mudah-mudahan we aya manfaat. Aamiin. Bilih bade ninggal statusna, klik ieu: Status kaping 7 April 2011.

# Nu kapihatur #
Hatur nuhun pisan ka : Spirit'Ghabels Shopiandt R'aritonang AkannsllaloeSmile, Bobotoh Persib, Rendi Mulya Ramdani, Sopian Altsury, Asep Budi Irawan, Lie Gadiez Dheza' sinareng Raga Haskara margi parantos ngabantosan kana janten na ieu tulisan ku komen kana status Kang Haji. Oge teu hilap kanu nyumbang Jempol, katampi pisan margi eta teh salah sahiji motivasi kanggo Kang Haji.
Hatur nuhun ka sadayana.

## Sateuacan ditutup, ieu seratan sanes maksad kanggo nyindir sasaha, ieu mah kanggo kuring pribadi da Kang Haji oge teu nganggo nami asli, mung pami di talungtik tina nami sareng profil mah, insya alloh kapendak saha jisim abdi saleresna. Da saenyana mah sadayana bukbrak dina profil ti kawit nami sareng katerangan pribadi nusanesna, kantun kersa ngemutan (ngaguar silokana).
Hehehe,,,

Wassalam.

 

4 komentar:

  1. kela nya ngomen na bde ka masjid hela nukeurkn senal..hehe

    BalasHapus
  2. kela nya ngomen na bde ka masjid hela nukeurkn senal..hehe

    BalasHapus
  3. kela nya ngomen na bde ka masjid hela nukeurkn senal..hehe

    BalasHapus
    Balasan
    1. Jiaaahhh,,,ari Kang Dins jeung ku rupa-rupa wae atuh! Sakalian pangnukeurkeun sendal Kang Haji kana sapatu.
      Hehehe,,,

      Hapus

Terima kasih atas kunjungannya serta atas semua apresiasi yang telah diberikan.
Semoga kebaikan selalu menyertai kita semua.
Aamiin.